Teks Biantara SDN Cibangun Kidul FTBI 2025
Assalamualaikum Wr. Wb
Alhamdulillahirobbil’alamin
Assholatu Wassalamu ‘ala ‘ashrofil anbiya’i warmursalin, Wa’ala alihi washohbihi azmain. Amma ba’du.
Bapa, Ibu Girang pangajen anu dipihormat tur dipiajrih ku simkuring. Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun sukur, ka Alloh robbul ghofur, gusti anu maha suci, anu maha welas tur maha asih, henteu aya pilih kasih. Kulantaran nikmat sareng hidayahna, urang sadaya tiasa kempel ngariung patepung lawung, patepang raray dina kasempetan ieu.
Sholawat sinareng salam, mugia salamina dilungsurkeun, ka Nabi anu pinuji, panutan sadaya alam, nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka umatna, anu taat tumut kana pituturna. Amin Yra.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat,
Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan pentingna olahraga pikeun kaséhatan awak sareng pikiran.
Dina jaman kiwari, gaya hirup anu teu séhat geus jadi hal anu biasa. Jalma loba anu sibuk ku pagawean, kurang waktu pikeun olahraga, malah loba anu leuwih milih ngagunakeun waktu nyalsena pikeun hal-hal anu teu produktif. Hal ieu tangtu bakal mangaruhan kaséhatan awak jeung pikiran.
Olahraga téh henteu ukur nguatkeun awak, tapi ogé nguatkeun mental. Ku olahraga, awak urang bakal leuwih séhat, jagjag waringkas. Sistem imun ogé bakal ningkat, jadi urang bakal leuwih tahan kana panyakit. Olahraga ogé bisa ngurangan résiko panyakit kronis, sapertos jantung koroner, stroke, sareng diabetes.
Pikeun pikiran, olahraga ogé mibanda kauntungan anu luar biasa. Olahraga bisa ngurangan tingkat stress jeung ningkatkeun kabingahan. Olahraga ogé bisa ngaronjatkeun konsentrasi. Ku kituna, olahraga téh penting pisan pikeun ngajaga kaséhatan awak jeung pikiran.
Aya rupa-rupa olahraga anu bisa dilakukeun, gumantung kana kahayang sareng kamampuhan. Urang bisa milih olahraga anu pas jeung kaayaan awak urang. Nu penting mah urang rutin ngalaksanakeunana. Henteu kudu olahraga anu beurat, olahraga anu énténg jeung basajan ogé geus cukup, asal rutin. Conto olahraga anu énténg nyaéta leumpang, jogging, atawa senam.
Ku kituna, hayu urang biasakeun olahraga rutin, pikeun ngajaga kaséhatan awak sareng pikiran. Sing inget, kaséhatan téh harta anu teu bisa dibeuli ku artos. Jaga kaséhatan urang, ku cara rutin olahraga.
Rupina sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah larapna, bilih aya nu teu raos kana manah.
Meuli arang ka kota Banjar Henteu poho meuli peda Hayu urang sing saladar Ngamumule budaya sunda
Saninten buah saninten
Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassa’amu’alaikum wr.wb.