Istilah Paélmuan
Dina bacaan nu judulna "komputer", aya kecap téknologi, komunikasi, jeung data. Éta kecap-kecap bieu téh bakal mindeng kapanggih upama urang nyaritakeun masalah paélmuan. Pangna mindeng kapanggih lantaran kaasup istilah-istilah dina widang paélmuan.
- Téknologi maksudna salah sahiji widang élmu anu aya patalina jeung widang téknik.
- Komunikasi nyaéta élmu ngeunaan hubungan antara manusa katut sasamana.
- Data nyaéta bukti anu beunang dipercaya, dumasar hasil panalungtikan.
Kecap téknologi, komunikasi, jeung data lain kecap basa Sunda asli, tapi mangrupa serepan tina basa asing. Téknologi katut komunikasi asalna tina basa Inggris, ari data tina basa serepan utamana ti Éropa jeung Amérika (basa Inggris). Ari sababna, lantaran maranéhna nu leuwih ti heula maju. Sok sanajan kitu, aya sababaraha kecap nu geus disalin kana basa urang, boh basa Indonésia boh basa Sunda.
Daptar Istilah Serepan jeung Hartina
Ieu di handap conto istilah paélmuan tina basa asing (serepan) katut hartina:
| Istilah | Hartina |
|---|---|
| astronomi | élmu béntang-béntang |
| abad informasi | abad atawa jaman anu nganggap informasi téh kacida pentingna |
| antropolog/antropologi | élmu pangaweruh ngeunaan manusa |
| arkéolog/arkéologi | élmu pangaweruh ngeunaan purbakala |
| astrologi | élmu palintangan |
| biologi | élmu hayat |
| botani | élmu tutuwuhan |
| data | bahan atawa hasil panalungtikan |
| ékologi | élmu kaayan jeung pangaruh lingkungan kana kahirupan rupa-rupa mahluk; ahlina disebut lingkungan hirup |
| étimologi | élmu asal-usul kecap |
| farmakolog/farmakologi | ahli ubar-ubaran/élmu ngeunaan ubar-ubaran |
| géografi | élmu bumi, ahlina disebut ahli élmu bumi |
| géométri | élmu ukur |
| informasi | béja atawa katerangan |
| kriminologi | élmu anu nalungtik perkara kajahatan |
| linguis/linguistik | ahli basa/élmu basa |
| literatur | pustaka |
| nahu | élmu tata basa Arab |
| patologi | élmu ngeunaan panyakit |
| pédagogi | élmu ngeunaan atikan |
| psikolog/psikologi | ahli jiwa/élmu jiwa |
| pustakamangsa | kalawarta, majalah |
| risét | panalungtikan |
| skripsi | karya tulis |
| sosiolog/sosiologi | ahli kamasarakatan/élmu ngeunaan tata kahirupan masarakat |
Istilah Paélmuan dina Basa Sunda
Istilah paélmuan nu geus nyampak dina basa Sunda ogé aya, sawantarana:
- Juru sanggi = ahli ngarang lagu
- Undagi = élmu nyieun wawangunan (arsiték)
- Tata praja = élmu kanagaraan
- Élmu palak = élmu pikeun maluruh jalanna béntang jeung sagala rupa (barang nu aya di langit)
- Santika = élmu perang