BORANGAN
SDN CIBANGUN KIDUL
Assalamu’alaikum wr.wb.
Sampurasuuuun.
Wilujeng enjing sadayana! Kumaha daramang? (Nanya bari neuteup panongton, siga nu hayang dijawab). Abdi teh Gibran, tapi sanes Wakil Presiden. Abdi mah murid, murid nu sok telat mayar seragam. (Gaya nangis). Padahal abdi nampi KIP. Terang teu KIP? Kartu Indung Paylater. Ku ema, dianggo balanja dina Shopee sareng Tiktok Shop apanan. Saleresna dinten ieu abi teh kedah nyandak artos PIP di bank, mung kumargi bank oge tara ka abi, kanggo naon abi ka bank, janten we ka dieu.
Janten emut, tadi di jalan ningali tukang es krim cingcau Barda, nyaeta es krim cingcau anu pang enakna saalam Cibangun Kidul, hoyong meser tapi teu kabita. Naha teu kabita? Nya teu kabita we lah da teu gaduh artos. (Ekspresi pasrah).
Babaturan di SDN Cibangun Kidul mah sarumanget diajarna! Lamun senam ge ting gorowok sumanget, ngagorowok nyebat ngaran bapak batur. Eh tapi aya senina eta teh, da nyambung sareng gerakan senam pramuka ngagorowokna teh. Intonasina ge kudu pas apanan. Terang teu senam pramuka? Kieu geuning. (Peragakeun, hahaha huha hahaha, hahaha huha kokomar, epul).
Hapunten ah bilih aya nu namina kasebat. Ngahaja.
Alhamdulillah ayeuna mah kurikulum teh seueur nya. Aya kurikulum dina jero kurikulum. Aya kurikulum merdeka, kurikulum chacing, kurikulum gasing. Muhun matematika gasing. Terang teu matematika gasing? Gampang.. Pusing.. Menyenangkan.. Basa diajar matematika gasing di kelas, aya sobat kuring nu hebat pisan. Ngitung ratusan teu kudu dikotret. Make ramo, ari pek teh ramona kurang. Tung tungna nginjem ramo babaturan sakelas! Wow keren wow wow keren, kocak.. (Seuri sorangan).
Di kelas mah, ari diajar kelompok teh, sok matak lieur. Kadang kuring nu salah, kadang babaturan kuring nu bener. Tapi aya betahna ari gawe kelompok teh, istirahat bisa giliran. Lamun kuring istirahat babaturan ngerjakeun, lamun babaturan cicing kuring milu cicing. (Neuteup ka luhur, siga nu mikiran). Tapi teu nanaon lah, da abdi ge sok dicarekan, jadi klop. (Seuri sorangan).
Duh jaman ayeuna mah kudu bisa ngerjakeun tugas serba cepat. Sebagai generasi Z, kita harus memanfaatkan teknologi. Lamun ngerjakeun PR ge, abdi mah niron ka Google. Eh, sanes niron, abdi mah ngan saukur berbagi ilmu, sharing knowledge we sareng Google. (Gaya bijak). Teras pas ditaros ku guru, "kamu nyontek ya?", abdi teh ngajawab, "teu Pa, abdi mah ngan saukur ngabuktikeun yen Google teh pinter." (Gaya polos). Komo ayeuna mah aya Ai. Eh AI. E ai. Aya ChatGPT, Gemini, Stability AI, Midjourney, Microsoft Copilot. Wiih apalan nya? Nya muhun atuh. Da kenging ngapalkeun. Wow keren wow wow keren, kocak.. (Seuri sorangan).
Jaman ayeuna teh memang canggih. Ti mimiti berita timnas Indonesia, dugi berita ekonomi, aya dina Tiktok. Ngomong-ngomong timnas jeung ekonomi, kaayaan timnas teh mirip siga kaayaan ekonomi Indonesia. Sumber daya seeeuuur, dari Sabang sampai Merauke. Tapi tetep ngaimpor heula. Bentena upami timnas gagal, urang nunggu bantuan pelatih enggal. Upami ekonomi gagal, urang nungguan bantuan naon? PIP. Program Indung Paylater.
Timnas Indonesia mah sering ganti pelatih. Saking seringna, abi mikir boa sanes timnas sepak bola ieu teh, tapi lomba balap ganti pelatih. Wow keren wow wow keren.. Kocak..
Wassalamu'alaikum wr. wb.