Maskumambang

Revision as of 05:27, 23 January 2025 by Budi (talk | contribs)
(diff) ← Older revision | Latest revision (diff) | Newer revision → (diff)

PUPUH MASKUMAMBANG


Laras     : mandenda / nyorong

surupan : 4 = T


BEBAS WIRAHMA


Itu kusir bangun ambek-ambek teuing (12 - i)

Turun tina delman                               (6 - a)

Kuda dipecutan tarik                          (8 - i)

Teu aya pisan ras-rasan                      (8 - a)


Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip

Padahal mogokna

Lantaran geus cape teuing

Hayang ngaso eureun heula


Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir

Geus tangtu karasa

Nyeuri moal salah deui

Sato ge kitu sarua


Tandak panambih : PUPUH MASKUMAMBANG

Gerakan : sedeng


Naha abong abong teuing

Nasib abdi jadi hewan

Digawekeun beurang peting

Dirangket taya ras rasan


Abong kena abdi sato t

Teu ngarasken kana cape

Sadidinten paeh poso

Mogok soteh awak lunges