Jump to content

Maskumambang

From Wiki Berbudi
Revision as of 04:59, 23 January 2025 by Budi (talk | contribs)

PUPUH MASKUMAMBANG

Laras     : mandenda / nyorong

surupan : 4 = T

BEBAS WIRAHMA

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing (12 - i) Turun tina delman                               (6 - a) Kuda dipecutan tarik                          (8 - i) Teu aya pisan ras-rasan                      (8 - a)

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip Padahal mogokna Lantaran geus cape teuing Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir Geus tangtu karasa Nyeuri moal salah deui Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : PUPUH MASKUMAMBANG

Gerakan : sedeng

Naha abong abong teuing

Nasib abdi jadi hewan

Digawekeun beurang peting

Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato teu ngarasken kana cape

Sadidinten paeh poso

Mogok soteh awak lunges